Nobros Tujuh Pasir keur Ngamalirkeun Cai
Kahirupan urang Bangbayang umumna ngandelkeun tina ngebon. Rupa-rupa anu diparelakna mah : aya hui, jagong, jeung sampeu. Lian ti eta , anu jadi panderesan oge loba deuih. Maranehna boga pacabakan matuh kana nyadap, lahangna terus dijeun gula. leu desa bawahan Kacamatan Lemah Sugih. Majalengka teh lokasina rada mencil. Komo tadina mah jalan oge hese disorangna, paling-paling ukur badarat, da teu bisa kadhya, Urang dinya teh lain teu hayangeun nyawah, ngan taya caina. Aya oge Walungan Cihieum, tapi kahalangan pasir. Jadi pamohalan pisan mun caina bisa dipengkolkeun teh.
Hiji mangsa , dina taun 70-an Sudarta aya kereteg hayang nyieun torowongan cai di sahandapeun pasir. Lamun geus ditobros, terus cai ti walungan bisa dipengkolkeun, tangtu tegalan anu tadina ukurjadi kebon eurih teh bakal bisa dirobah jadi sawah.
Sudarta ngasongkeun pamanggihna ka warga. Tapi batan dihaminan mah kalah diseugseurikeun. Dina anggapan masarakat, eta pamanggih Sudarta teh pamohalan bisa kalaksanakeun.
Najan teu meunang pangbagea , tapi Sudarta tetep keyeung. Nya ahirna manehna manpgihan tukang ngali taneuh anu daekeun diajak gawe babarengan, asal diburuhan pare dua pikul, cenah. Pakakas anu digunakeuna ukur linggis, pacul jeung singkup.
Anu pangheulana ditobros teh pasir Cireungit. Ari ku temen wekel mah torowongan teh teu burung ngawujud . Eta torowongan caina teh garis tengahna kira-kira sameter. Cai ti walungan bis dinengkolkeun ka lahan angar.
" Heueuh geuning, lebe cai teh bisa dipengkolkeun ka dieu. Mun kitu mah , atuh sakalian bae pasir anu sejena urang tobros, ngarah pasawahan anu rek dibuka engkena jadi leuwih lega, "ceuk urang ainya.
Lebe Sudarta ngarasa bungah,. Perjuangan manehna anu tadina ukurdigeuhgeuykeun. tetela terus diaku bener ku masarakat, sabab geus aya buktina.
Sabab saterusna mah dihancaan ku lobaan. Ahirna mah kabeh torowongan cai bisa rengse. Atuh kebon eurih teh terus salinjinisjadi pasawahan reujeung balong.
Sanggeus didinya aya sawah, kahirupan masarakatna jadi ningkat, tepi ka mampuh ngawangun jalan desa. Ayeuna mah ka Desa Bangbayang teh mobil ge lar- sup.
Lantaran geus boga jasa ka masarakat, Sudarta ahirna kapilih jadi kuwu atawa kapal desa sanggeus beak saperiodeu , bet terus kapilih deui.
Ahirna tepi ka ayeuna teh manehna geus lima likur taun jadi kuwu. Lain teu hayang eure::^ cenah, da rumasa umur beuki ngolotan, ayeuna geus nincak 67 taun, ngan ku masarakat dikeukeuhan wae supaya jadi pamingpin desa.
(Bahan tina SKM Galura, Minggu ka -3 Juni 1999, tulisan Rachmat Iskandar)
Latihan 1
Pek jawab atawa terangkeun 1
1. Naon andelan kahirupan urang Bangbayang teh ?
2. Naon sababna urang dinya tara nyawah ?
3. Kumaha carana nyieun sawah di wewengkon bangbayang teh ?
4. Kumaha tangapan masarakat waktu lebe Sudarta nembrakkeun pamanggihna ?
5. Ari sikep Lebe Sudarta harita kumaha ?
6. Kumaha tangapan ti masrakat sanggeus tarekah Lebe Sudarta bisa ngabukti ?
7. Nyeun torowongan teh saterusna mah bis tereh anggeus . Naon pangna kitu ?
8. Sanggeus cai bisa ngocor, serta lahan angar bisa dijeun sawah, jadi kumah kahirupan urang dinya teh ?
9. Naon sababna Sudarta kapilih jadi kuwu ?
10. Masarakat anu boga jasa dina miarajeung ningkatkeun lingkungan sok dibere panghargaan ku pamarentah. Naon ngaranna eta panghargaan teh ?

0 comments:
Poskan Komentar